Contoh teks panumbu catur kesehatan (bahaya narkoba keur para remaja)

 Assalamu’alaikum Wr.Wb

Bapa/Ibu kalih rerencangan sadaya anu dipihormat. Puji sinareng sukur sumangga urang

sami-sami sanggakeun ka Hadirat Allah SWT kalayan rahmat sareng magfirat ti manten-Na

urang tiasa ruing mungpulung dina ieu riungan kalayan kawilujengan.

Dina danget ieu sim kuring Bapa Arif Rahman, saparakanca ti bade medar pasualan “Bahaya

Narkoba keur para Rumaja”. Ieu pasualan teh kalintang saena ku urang sawalakeun, jalaran

beuki dieu jalmi teh seueur anu ngonsumsi komo ngedarkeun narkoba. Keur naon eta narkoba

digunakeun keur jalmi ? Jalmi ayeuna mah seueur anu ngedarkeun narkoba paranti di jual

atawa diedarkeun ngarah loba duit.

Sim kuring sareng rerencangan, gaduh pamadegan yen narkoba teh bisa ngabahayakeun

jeung ngarugikeun diri sorangan, diantawisna :

1. Masa depan para rumaja di indonesia teh jadi suram

2. Teu bisa ngabagjakeun Kaluarga, agama, jeung nagara

3. kacanduan, anu bisa nyieun jalmi teh teterusan ngonsumsi eta narkoba

4. Bisa oge ngaakibatkeun kematian


Rupina eta pamendak sim kuring saparakanca. Mangga ayeuna sim kuring ngahaturanan

rerencangan sadayana, bilih aya anu bade mairan, nambihan atawa nyempad. Sumangga

dihaturanan!

Elis : Ceuk abdi mah ,saha wae jalmi anu masih ngagunakeun eta naroba teh kudu

digeuingkeun. Ngarah sadar lamun narkoba bisa ngarugikeun sorangan! urang oge kudu jaga

pergaulan, jeung ulah ngadeukeutan jalmi nu sok make narkoba!

Sugianto : Sim kuring panuju kana pamadegan fuji, mung aya tambahna. Upami eta jamli teh

anggeur keneh wae, narkoba teh kudu di piceun / dimusnahkeun. Rek kumaha carana ngarah

para rumaja di indonesia teh bersih tina narkoba! Urang oge ulah narima barang ti jalmi nu

teu dikenal, bisina eta teh narkoba!

Ratna : Sim kuring Panuju kana pamadegan Elis sareung Sugiyanto, mung aya tambahna.

Lamun eta jalmi teh anggeur keneh wae, laporkeun ka pihak anu berwajib, yen manehna

sadar ku kalakuanna sareung urang oge ulah poho ka gusti nu maha agung ngarah dijauhkeun

dina hal anu goreng jeung ngarugikeun sorangan!

Hatur nuhun ka pamair ti rerencangan sadaya. Tina sawala urang nembe rupina tiasa

dicindekeun, yen anu penting teh nyaeta kasadaran urang ngarah teu ngagunakeun narkoba

anu bisa ngarugikeun sorangan.

Bapa/Ibu kalih rerencangan sadaya anu dipihormat, rupina sakitu anu tiasa kapidangkeun

dina ieu sawala. Hatur sewunuhun kana perhatosana ti sadaya, apunteun bilih aya kalepatan

sareung kakirangan.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb

Komentar